20 Mei 2012

P A T U R A I

Serat Kadeudeuh : M. Hirro Tasyaufy Maemun

lain kuteu sedih nepi ka ieu waktos
lain kuteu dareuda nyeblak rasa dina dada
mieling kumpul bareng di ieu pondok
naratas sapait samanis maparah hirup
silih geuing jeung mieling sangkan jadi
jalma bageur, pinter, tur bener
jalma luhung ku elmu tur pangabisa
ditampi dimana bae ayana

kadeudeuh anu tos pageuh
tong lesot kujalaran urang paturai
kaasih anu tos matri
tong leupas kujalaran urang paanggang

duh gusti
upami ngaragap diri ieu abdi
isin ku rasa era ku basa
seueur salahna tur dosa ka sasaha
ka pimpinan pondok
ka ustad
ka rerencangan
ka ema sareng bapa
sarta
ka gusti kuanjen rupina
hampura abdi hampura
hapunten abdi hapunten
tina kalepatan anu sakinten seueurna
tina sagala dosa anu ngaraksa

duh gusti
nyampakna waktos paturai
ngagurat na tungtung soca
ngagerih rasa dina dada
tumiba ninggang kana raga
ngaraos alim papisah
ngaraos alim paanggang
na kunaon kieu jadina

duh gusti
raket pageuhkeun abdi sadaya
midulur keur salamina
ngabaraya teu aya wates akhirna
sanaos entos paanggang
sanaos entos paturai

pileuleuyan tong ngajantenkeun urang patebih
pileuleuyan tong ngajantenkeun urang paanggang
pileuleuyan pileuleuyan sapu nyere pegat simprai
pileuleuyan pileuleuyan paturai patepang deui

Malingping – Selatan Sisih Terpencil, 06 Juni 2007

1 komentar:

silahkan tulis komentar anda